Lompat ke isi

Pamupus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Pamupus.

Pamupus atawa setip mangrupa salah sahiji kalengkepan alat tulis anu mangrupa karet leuleus anu bisa ngaleungitkeun tanda anu dihasilkeun ku paltot.[1] Pamupus kenyal saperti karét, jeung biasana warna bodas atawa hideung.[1] Aya ogé paltot anu aya pamupusna.[1] Pamupus anu mahal hargana alatan bahanna tina vinyl atawa plastik pikeun tambahan tina karét.[1] Pamupus ogé miboga harti pikeun ngahapus bor saperti papan hideung atawa papan bodas.[1] Pamupus papan hideung tradisional mangrupa blok kai anu bentukna persegi panjang anu dijieuna tina kaén wol.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina taun 1770, pakar sains Joseph Priestley ngébréhkeun yén, manéhna pernah ningali bahan anu saluyu pikeun dipaké ngaleungitkeun urut aréng paltot dina kertas.[2] Nalika éta di Éropa, tulisan urut paltot dihapus tina kertas maké kubus-kubus anu laleutik anu dijieun tina karét.[2] Kubus-kubus leutik éta osok dipaké pikeun tujuan di Inggris jeung Australia.[2] Dina taun 1770, Edward Naime, insinyur Inggris, disebut anu nyiptakeun pamupus karét nu munggaran.[2] Saencan maké karét, serbuk roti dipaké pikeun jadi pamupus.[2] Naime ngébréhkeun yén manéhna salah mawa kepingan karét lain serbukan roti, tuluy manggihan ciri-ciri pamupus tina karét, ti saprak éta mimitina ngajualan pamupus karét.[2] Karét nu atah kénéh hésé diteundeun, lantaran babari rusak.[2] Dina taun 1839, Charles Goodyear, anu manggihan prosés vulkanisasi, kaédah anu miara karét jeung ngajadikeun bahan anu awét.[2] Pamupus jadi barang anu umum kalayan kamekaran karét anu divulkanisasi.[2] Dina taun 1858, Hyman Lipman ti Philadelphia, Pennsylvania, Amérika Serikat, narima hak patén nu munggaran pikeun pamupus aya dina ujung paltot.[2] Tapi ahirna hak patén éta ditolak alatan éta lain pamanggih anu anyar.[2]

Rupa-rupa pamupus

[édit | édit sumber]
Pamupus uli anu babari dibentuk, akurat, jeung teu matak kotor

Rupa-rupa pamupus anu sok aya dina paltot biasana warna beureum ngora atawa beureum anu karakteristikna babari rapet.[3] Jinis ieu lumayan alus pikeun ngahapus urut paltot, sanajan balukarna sok ngotoran jeung ngarusak kertas lamun sering dipakéna.[3] Jinis anu kasohor di kalangan seniman nyaéta pamupus art gum, dijieuna tina karét anu teksturna kasar tapi lembut.[3] Jinis ieu cocog pikeun ngahapus pikeun kertasna anu lega. Tapi pamupus ieu loba ninggalkeun urut pamupusna jadi teu akurat.[3] Lamun loba teuing maké ieu pamupus balukarna warna kertas jadi ka konéng-konéngan.[3] Pamupus art gum biasana warnana poék saperti kacoklat-coklatan.[3] Pampus uli, atawa bahasa Inggris kneaded eraser, osok dipaké ku seniman.[3] Pamupus jinis ieu dijieuna tina bahan kelabu anu nyarupaan adonan atawa l��m.[3] Kaonjoyanan nyaéta teu ninggalkeun sisa pamupus nepi ka awét dibandingkeun pamupus lainna.[3] Partikel grafit jeung taneuh liat ditarik ku adonan karét nepi ka lewih akurat jeung teu ninggalkeun urut pamupus.[3] Pamupus ieu loba dipaké pikeun méré épék hérang atawa percikan cai.[3] Kahéngkérana nyaéta saeutik rpet dina leungeun jeung babari lééh dina suhu luhur.[3] Pamupus vinyl lembut miboga tékstur saperti plastik jeung ciri-ciri pamupus ieu hampir sarua jeung pamupus karét biasa.[3] Ngan saeutik leuwih lembut jeung kuat, jadi teu babari rusak jeung aman dipaké.[3] Pamupus vinyl biasana warna bodas jeung babari kotor lamun dirampa.[3]

catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f Sejarah Asal Mula Penghapus Archived 2011-10-12 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 20 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k Sejarah Pensil dan Penghapus Archived 2011-09-28 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 21 November 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o jenis - jenis penghapus (Setip) dan penemunya[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 20 November 2011)